Thursday 12 March 2015

Contoh Teks Biantara Bahasa Sunda Tentang Kebersihan

Contoh Teks Biantara Bahasa Sunda Tentang Kebersihan - Selamat datang, salam sejahtera. Pada kesempatan kali ini saya berbagi tentang Contoh Teks Biantara Bahasa Sunda Tentang Kebersihan. Adalah sebagai berikut :

 

 

http://hielmyteori.blogspot.com/2015/03/contoh-teks-biantara-bahasa-sunda.html

 

Assalamualaikum Wr. Wb

Assolatu wassalamu 'ala asrofil anbiya'i walmursalin wa'ala alihi wassohbihi ajma'i. Ammba'du.

 Langkung tipayun mangga urang nyanggakeun puji sinareng syukur nu maha agung , anu parantos masihan kakiatan ka urang sadaya tiasa kempel di ieu petempatan anu insyaaloh di mulyakeun ku alloh SWT. Solawat miwah salam mugia ngocor saterusna kajungjunan alam habiban wanabiyyana Muhammad SAW. Bapak/Ibu anu kusimkuring dipihormat, rerencangan sadaya anu ku simkuring di banggakeun. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham. Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih. Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten. Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb

1 comment:

Pidato Tentang Wabah Penyakit Covid 19

Pidato Tentang Wabah Penyakit Covid 19 Baiklah pada kesempatan ini saya akan berbagi materi mengenai  Pidato Tentang Wabah Penyakit Cov...